Mouse na diiserkeun, macaan unggal fikmin nu di posting ka ieu
grup. Sabari maca sababaraha fikmin nu karasana merenah, ramo-ramo hayang
miluan kutek-ketik, tulas-tulis, ilubiung mulaskeun carita nu sakedapeun,
carita nu sajorelat, sakapeung ngorejat. Teu kaburu mere komen, teu kaburu mere
jempol, kusabab ngajanteng kasima ningalian runtuyan carita, nu weweg, nu pinuh,
nu nyimbeuh. Mouse diiserkeun deui, mapai-mapai fikmin nu sejenna. Sakapeung
belenyeh, pelenyan pelenyun, sakepeung kerung sorangan. Poe ka poe silih ganti.
Ramat mimitian minuhan awak jeung laptop jeung tablet android. Nagen forever,
bogoh pisan kana fiksimini basa sunda. Nu sejen mah: end.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar