Jumat, 09 Juli 2010

Teluh Siber

Reretan ngalenyep

Kuliat renghap ka pipir biwir

Medar, medar

Ceuli nyanggeye

Ceos heos

Nenggar kana

Gurat-gurat

Awak

Duh nu garurad-rarud

Na samak salira

Batan hate batan repeh

Nepak-nepak

Kameumet nu baluh

Nyanggakeun teluh

Nu siber nu ngageber


Rabu, 13 Januari 2010

Walungan Hate

Ngalungkeun hate

Ka walungan

Ci panon

Nu raat

Di bendung

Dina waduk

Kamalir deui

Kana hate

Ngalengkah

Bet gumeter

Geura hanjat

Walungan

Ngadadak caah

Caina hieum

2006

Sakolebat Asih

asih nu datangna sakolebat

parabot dapur nu nyileungleum tur mucunghul kalangkang manehna

sajentrung peuting ngadalingding cingcangkeling

cisoca kamalirkeun ka sagara jempe

tapak leungeunna mulas salira saawak renghap

duh. tembok, meja, dapur jeung korsi. sajorelat

tinggurilap ngejatkeun lalampu nu moncenang

siga baranang na hate nu baheula kacaangkeun

ku caah nu didongkapkeun ti imutna

sakolebat sajepat

siga langlayangan pegat teu kacutat

saat kamalir cisoca mudal na mastaka